Kamis, 19 Maret 2009

1/2 Gelo Euy

"Lamun manéh jadi Christian Vieri anu kamari ngasupkeun 2 gol ka gul Senegal... Cik manéh nék kumaha?" Gugi nanya ka Yolan.

"Ari déwék mah euy... Nék mantuan tim Maung Bandung méh teu kéok waé!" témbal Yolan.

"Ari manéh Gugi?" Cepi nanya ka si Gugi.

"Lamun déwék kawas manéhna... Jagoan maén bal, beungeut kasép, awak jalugjug jangkung... Déwék mah nék néangan pamajikan wé unggal lembur... Sugan wé atuh anak déwék anu lalaki jarago méngbal. Atuh lamun awéwé gareulis rupana indo jaradi pamaén sinetron... Tah kitu, euy!"

"Ari manéh, Nurman?"

"Ah déwék mah moal parna teuing ngalamun téh... Bisi gélo euy... Ieu gé mikiran hutang rantuy di unggal warung geus satengah gélo... Komo deui mikiran nu kitu, nambahan meureun jadi tilu parapat gelo..!!!"

0 komentar: